Neng Sarah (Cepot Astrajingga) K eur anteng ngalamun mikiran Neng Sarah, Ucup nyampeurkeun, gék diuk gigireun, "Cep, uing mah rék eureun di Palembang, rék kana pesawat, baé ongkos sorangan!" "Hor, pan urang indit bareng, balik gé bareng Cup!" Ceuk Kuring bari ngararasakeun sirah nu karasa rieut. "Enya paéh gé bareng meureun, ceuk uing gé kanu pesawat Cep! Manéh hayang bati meureun nya!" Ucup rada teugeug. "Hus soal éta mah rusiah Alloh, tong dipakuat kaitkeun jeung kandaraan, geus waktuna mah dimana waé gé jadi!" Walon Kuring daria kénéh sanajan haté mah tugenah ngadéngé omongan Ucup nu nyangka goréng ka Kuring. "Heueuh, mun kana pesawat mah salamet Si Beni, moal maot di jero beus! Mun murag gé kabéh meureun paéh!" Ucup cengkat ngaléos rék diuk deui dina jokna. Kuring cengkat, ngajéwang bajuna, "kéla, nu bener ngomong téh Cup!" Ucup malik, leungeun Kuring diképéskeun, "teuing lah, pokona uing rék tu...
Posts
![](https://blogger.googleusercontent.com/img/b/R29vZ2xl/AVvXsEiNRzyDciB5tzx3CKEzOYoMPWK1fciNXHn5cVk5oG9SdH1MxNaxmg5dRNMAAzxbw10UATNkR8Y7bcu-wqRZp7O8Ulu7Q4IzUxRxLNCGgp6yjCjd9o7BBxc9Kb3Q9jl-hHuVfsVYA7u8adnK/s320/Untitled.png)
Neng Sarah (Cepot Astrajingga) Kuring meuli cai nginum rada loba, da nempo Neng Sarah teu babawaan, teu kaciri nginum jeung barang dahar, teu jiga Kuring nu teu kaop kosong beuteung. "Cep, keur saha éta dahareun kuat ka ngaborong kitu?" Beni nu bareng balanja rada kerung. "Ih pan aya nu maturan déwék mah Ben!" Témbal Kuring bari sura seuri. "Jirr, dedemit mana Cep? Boa-boa nu ti proyek milu? Hiyyy!" Beni ngabirigidig. "Baé dedemit gé ah! Geulis da!" Ceuk Kuring ngahajakeun. "Geulis mana jeung Neng Elis?" "Elis atuh! Geulis kawanti-wanti, endah kabina-bina!" Témbal Kuring bari muru ka jero beus. Méméh naék, Kuring ngarérét ka kaca jandéla palebah diuk Neng Sarah. Asa rada hémeng, hordéngna rada nyingkab, pantesna Neng Sarah keur nyarandé bari mencrong ka luar beus. Naha bet euweuh sasaha, ah paling gé milu turun, ngan duka kamana heula. Teu loba pamikiran, kalacat naék ka jero beus, dituturkeun ku panumpa...
![](https://blogger.googleusercontent.com/img/b/R29vZ2xl/AVvXsEjHdeUwQFdCVU3EE4XB3WwyLQeqcqzHZa6uGN7lSHttaoXK2RXdMeTSx0gnDbFkbObduIRaqPHAOLHBxuEJepYzJGAj4ibJ8m1jYTTM6R1o0mG34TCwGixHp9rXRZqD3lNirTqIoYflq87x/s1600/Untitled.png)
Ini adalah Cerita Pendek dalam Bahasa Sunda karya Stya Ningsih yang diunggah oleh Kang Cepot Astrajingga di Grup FB Tepang Sono Wargi Ciamis Tanggal 15 September 2019. Cerpen ini berjudul " Neng Sarah ". NENG SARAH Saminggu méméh Lebaran geus dibéré cuti ku dunungan, Kuring tatahar rék ka lembur, rék ngajaran jalan darat, hayang nyaho kumaha rasana, numpak beus ka Jawa ti Sumatera. Tikét onlen geus dipesen, Allhamdulilah kabagéan beus nu pangalusna, eksekutif, bubuhan diongkosan ku nu boga proyék di Pekanbaru. Nu di lembur geus diberan, yén bakal nepi tilu poé méméh takbiran, sabab mun lancar di jalan, tilu poé karék nepi ka Merak. "Cep, kadé tarapti babawaan! Ulah aya nu tinggaleun!" Ceuk indung basa video call. "Siap Mah!" Kuring imut, geus sono nataku ka nu di lembur. Pangpangna ka Elis, pipamajikaneun. Panggih ukur dina WA, geus sataun teu apel. "Kang Cecep, sabaraha dinten di lembur?" Cenah basa harita nelepon. ...