Carnyam : Neng Sarah Bagian 4


Kuring ngarérét ka Neng Sarah nu keur diuk gigireun, ngan rada anggang saeutik.
"Ari nu sanésna kamarana?" Elis jiga nu teu percaya Kuring keur sorangan.
"Di luar, ngantosan adan!" Cekéng téh.
"Paingan tiiseun!"
Ngong adan, Elis nutup telepon, Neng Sarah ngiles deui.
Pabeubeurang beus maju deui, supirna teu ganti, Si Abang kénéh, kabeneran supir cadangan euweuh geus marulang. Beus asup ka kota, maju teu pati tarik teuing rada nyalsé, kajeun laun asal salamet. Kaayaan panumpang geus mimiti biasa deui, teu jiga kamari, kaweur jeung riweuh ku layon. Ninggalkeun kota Jambi, dibagéakeun ku kota Palembang.
Asup ka terminal Alang-alang Lebar Palembang, eureun sakeudeung. Beus maju deui kaburitnakeun. Baruka puasa di jalan, sarolat gé di jalan, muru waktu, sangkan teu kaburu takbiran. Hadéna duit gajih buru-buru ditransfer ka lembur, kaasup duit Almarhum Beni, geus dibikeun ti poénan maot.
Maju ka peuting, karasa seunggah, inggis beus mogok atawa aya kajadian jiga kamari nu tumiba ka Beni. Dina haté teu kendat ngadu'a sangkan salamet kabéh panumpang nepi ka nu dituju.
Hawa karasa tiris, lain tina AC atawa angin ti luar, ngan duka kumaha rarasaan téh awak teu ngareunah. Gancang nginum ubar bisi katutuluyan, hég nu teu gering heula gé ari geus cunduk kana waktuna mah moal aya nu bisa ngahalanganana.
Panon mimiti beurat, jigana mah éfék tina ubar. Kerelek heuay sababaraha rintakan, guher tibra, ngagojod di simbut pondok.
Saré téh asa kakara reup, tapi jiga aya nu nyeundak kana panon, ngadadak cénghar, culang cileung, rét ka sisi ka gigir, panumpang talibra, gap kana hapé, nempo jam, geus jam sabelas peuting. Ngan karérét tatadi kenék pulang anting ka tukang ka hareup bari alak ilik jiga aya nu ditéangan.
"Cari apa Bang?" Cekéng téh bari gigisik.
"Penumpang no 25 Kang! Temennya kan?" Témbalna bari teh eureun hareupeun Kuring.
Ras inget ka Si Tedi, da si éta nu diuk dina jok nomer 25 mah. Na kamana jigna cenah, "tadi Abang cek penumpang waktu di terminal?" Kuring nanya bari rada hariwang ogé, sieun Si Tedi kumaha onam.
"Itu dia, aku pikir sudah masuk semua! Aku lihat dia paké jekét mérah kan?" Ceuk Si Abang ngarasa dosa.
Teh téh ka Neng Sarah, nu maké jékét Si Tedi, beus rada laun majuna, laju nyisi, reug eureun. Supir cengkat tina jokna, ngabewarakeun yén aya panumpang anu tinggaleun, lamun muter deui ka terminal bakal barabé, waktu geus nyedek rék lebaran, bisi teu kaburu nepi malem takbiran.
"Tolong hubungi yang bersangkutan, kita tunggu dia beberapa jam, suruh naék grab atau apa lah!" Ceuk supir.
"Duh aya-aya waé!" Kuring mimiti melang, neleponan Si Tedi, aktip tapi teu diangkat. Di WA gé katarima ngan can dibaca, WAna hd aktif.
"Cep! Diangkat teu telepona?" Wahyu nyampeurkeun, kaciri hariwang, beungeutna pias.
"Acan Mang! Tapi araktip ieu téh! Na dimana atuh Tedi manéh téh!" Kuring hantem neleponan Si Tedi.
Sawaréh panumpang tarurun, bari rada galécok, ngaromongkeun Si Tedi. Aya nu kukulutus, nu milu hariwang, nu haré-haré gé aya.
"Pa! Cek bagasi, ada suara hapé berdering terus!" Pa Waluyo tuturubun naék ka jero beus.
"Naha na bagasi?" Nanang ngarérét ka Kuring.
Teu talangké, Kuring jeung saparakanca turun tina beus muru bagasi nu keur dibuka ku kenék bari disaksian ku supir jeung panumpang nu liana.
Barang bray dibuka, kasampak Si Tedi keur ngalempréh jiga béakeun napas, hapé dina jero jeketna teu eureun disada. Kuring jeung nu aya di dinya kacida reuwasna, teu nyangka Si Tedi bisa aya na jero bagasi salila-lila ti terminal kénéh.
Gentak ku supir jeung kenék dibantuan ku nu séjén, Si Tedi dikaluarkeun, hadéna aya kénéh nyawaan ngan leuleus teu walakaya. Si Tedi dibawa ka tempat nu lega ngarah aya hawa, diburu ku Bu Dian nu mawa stetoskop jeung tensian.
"Harus ke rumah sakit, telepon ambulan Pa!" Ceuk Bu Dian hariweusweus, bari mariksaan awak Si Tedi.
Kuring soak kacida nempo Si Tedi, ras inget ka Neng Sarah, moal salah pasti aya kakaitanana, duh boa-boa Neng Sarah téh awéwé jahat aya nu nitah sangkan ngarogahala panumpang, rék ngarampog kitu? Tapi boh Beni atawa Si Tedi, barang jeung duitna teu cocéng. Euweuh cara lain iwal ti kudu nepungan Neng Sarah, ngarah euweuh korban deui.
"Mang! Kumaha atuh, batur urang deui waé?" Ceuk Kuring ka Wahyu.
Wahyu ngahuleng, jung nangtung nyampeurkeun ka supir nu keur nelepon ka kantor pulisi, "Bang! Bisa bicara sebentar!"
Supir unggeuk, méré kodeu sangkan Wahyu ngadagoan sakeudeung, geus réngsé nelepon manéhna nyampeurkeun, "Iya Kang!"
"Bang! Bisa kita ganti bis? Atau kita naik pesawat!" Ceuk Wahyu.
"Kenapa Kang?"
"Pernah kejadian sebelumnya ngga?" Wahyu daria.
"Belum Kang, saya heran juga, baru pertama kejadian!" Ceuk supir sarua daria.
Kuring nyingkahan Wahyu jeung supir nu keur badami, kalacat kana beus, dipapay unggal jok diilikan, luak lieuk kénca katuhu, Neng Sarah teu kaciri irung-irungna acan. Bus ka rohangan non AC, suwung kénéh. Rét ka panto toilet nu nutup, lalaunan dibukakeun, bus ka jero, gebeg reuwas aya nu noél ti tukang.
"Milari saha Kang!" Cenah halimpu sora Neng Sarah matak dédéngéeun.
Panto toilet ngonci ku sorangan, Kuring kakonci paduduaan jeung Neng Sarah. Hanjakal beungeut geulisna saharita ilang, ganti ku beungeut bengis jiga nu nyimpen kanyeri.
"Kang! Tampi abdi janten kakasih ati Akang, pami henteu, bakal aya nu jadi layon deui, nyusul Aa Tedi nu bakal nyusul Kang Beni ka alam baka, hihihi!" Neng Sarah nyikikik, matak kukurayeun.
Kuring ngadégdég, rasa suka salin jinis jadi ceuceub, teu jauh panyangka, singhoréng Neng Sarah aya satukangeun kabéh kajadian nu teu dipiharep.
"Saha anjeun? Naon maksud anjeun ngarogahala dulur Kuring?" Kuring ngawani-wanikeun sorangan, bari sisinglar.
"Hihihi, bongan maranéhna ngagoda ka Kuring, ngahalangan Kuring sangkan teu ngadeukeutan Akang! Komo Si Beni mah, pikasebeleun pisan!" Panon Neng Sarah hurung, sorana mimiti beurat, teu halimpu jiga biasana.
"Naon hayang anjeun nu sabenerna? Saha? Jeung timana asal anjeun?" Kuring ngayap kana panto toilet, hayang buru-buru kaluar ti dinya, teu kuat bau hangru tina awak ieu dedemit. Jadi yakin yén Neng Sarah téh setan nu mindah rupa, sabab dina hawana béda jeung jalma nu sajati. Teuteupna matak nyeureud, mun ninggang di nu leumpeuh yuni, matak kaeurad.
"Kuring hayang males kanyeri ka unggal lalaki nu kungsi ngahianat ka Neng Sarah, mahasiswa nu micinta pagawé proyek di Pekanbaru, ngahaja ti Bukittinggi, ngadeugdeug rék nepungan nu dipikaasih, singhoréng geus rimbitan! Neng Sarah katalimbeng, kagémbang tapi nyimpen kanyeri, rék mulang éra geus kakandungan ku si kasebelan éta, geus teu kuat nandangan wirang! Neng Sarah naék ka pasir luhureun proyék, dibeledagkeun maké dinamit ku pagawéna, saharita, awak ancur ngahiji jeung batu nu digiling ku pagawé proyék!"
Ngadéngéna matak kukurayeun, naha saha lalakina atuh? Matak naon ka jinisna? Tong males kanyeri ka jelema nu teu tuah teu dosa.
"Kéla naon kakaitanana jeung Kuring ogé baraya Kuring kabéh? Asa teu ngarti!" Ceuk Kuring teu wani nempo beungeut Neng Sarah nu pikasieuneun.
"Kabéh lalaki sarua, tapi Akang mah henteu jigana mah! Matak Kuring katarik ati gé! Sakur nyawa nu ngalayang, matak kuat ka diri Kuring, Kuring bisa jadi manusa deui, geulis deui!" Manéhna ngusapan tonggong Kuring, karasa leungeuna keusrak jiga parud.
Kuring malikeun awak, bréh beungeutna robah deui jadi biasana, geulis rancunit, ditiung beureum, kulutrak muka panto toilet, nyéh imut bari ngarérét ka Kuring, "mun Akang teu nampi, Aa Tedi bakal jiga Si Beni, dikurebkeun di Sumatera!" Les ngiles duka kamana ngilesna.
"Wayahna abdi tampi, ngarah salamet saréréa ka lembur!" Cenah hawar-hawar kadéngé sorana kabawa angin.

Comments :

Post a Comment