Carnyam Sunda : Neng Sarah Bagian 2


Neng Sarah
(Cepot Astrajingga)

Kuring meuli cai nginum rada loba, da nempo Neng Sarah teu babawaan, teu kaciri nginum jeung barang dahar, teu jiga Kuring nu teu kaop kosong beuteung.
"Cep, keur saha éta dahareun kuat ka ngaborong kitu?" Beni nu bareng balanja rada kerung.
"Ih pan aya nu maturan déwék mah Ben!" Témbal Kuring bari sura seuri.
"Jirr, dedemit mana Cep? Boa-boa nu ti proyek milu? Hiyyy!" Beni ngabirigidig.
"Baé dedemit gé ah! Geulis da!" Ceuk Kuring ngahajakeun.
"Geulis mana jeung Neng Elis?"
"Elis atuh! Geulis kawanti-wanti, endah kabina-bina!" Témbal Kuring bari muru ka jero beus. Méméh naék, Kuring ngarérét ka kaca jandéla palebah diuk Neng Sarah. Asa rada hémeng, hordéngna rada nyingkab, pantesna Neng Sarah keur nyarandé bari mencrong ka luar beus. Naha bet euweuh sasaha, ah paling gé milu turun, ngan duka kamana heula.
Teu loba pamikiran, kalacat naék ka jero beus, dituturkeun ku panumpang nu séjén. Rét kana jok, kosong euweuh sasaha, ukur aya simbut ngalumbuk luhureun jok. Kamana Neng Sarah nu geulis tur lungguh?
Gék diuk dina jok bari ngoréhan balanjaan, gap kana kiripik balado, ngilikan jam dina hapé, geus ampir jam salapan peuting. Luak lieuk néangan Neng Sarah nu suwung, mangkaning kenék geus naraék jeung supirna.

Mesin beus geus hurung, tatahar rék maju deui, Kuring nangtung, léos ka tukang ka rohangan anu euweuh AC paragi panumpang nu rék ngaroko, palebah toilet kadéngé sora cai ngérélék. Ku Kuring diketrok pantona, bisi aya jelema di jero.
Kulutrak panto toilet muka, Neng Sarah imut bari memener tiungna, "ka jamban Kang?" Cenah teu weléh imut.
"Ah henteu, milari puguh! Manawi téh di luar kénéh!" Ceuk Kuring rada kaéraan, asa reugreug haté téh nempo manéhna aya di jero beus. Karunya bisi tinggaleun hég jauh kénéh pilampaheun.
Manéhna ngagupayan bari imut ngajak diuk deui dina jok, Kuring nuturkeun ti tukang, bari haté mah rada éra kénéh, bisi majarkeun aya haté ka manéhna. Gek diuk dina jok deukeut jandéla, Kuring gigireunana, ngasongkeun cai bisi rék nginum, manéhna gideug, nuhun cenah.
Beus maju lalaunan, geus mimiti asup ka leuweung, ngahaja lampu dipareuman, ukur palebah supir nu caang mah. Sora musik dipareuman, panumpang jempling, talibra.
Iwal ti Kuring jeung Neng Sarah nu nyaring, teuing da euweuh pitunduheun. Ngobrol bari diselangan ku ngadahar opieun meunang balanja tadi. Ngan hanjakal Neng Sarah teu daékeun dibéré nanaon, majar téh geus wareg cenah.
"Akang tos nikah?" Neng Sarah neuteup bari imut.
"Euh, teu acan Neng! Kumaha kitu?" Kuring malik nanya.
"Teu nanaha, dupi calon mah tos aya panginten?"
"Allhamdulilah atos, sono puguh ieu téh!" Walon Kuring bari ngaregot cai.
Neng Sarah ngabalieur, awakna malik kana jandéla, jep répéh teu nyoara deui. Ku Kuring ditoélan gé haré-haré, jiga nu ambek.
Rada lila Kuring nungguan Neng Sarah nyoara deui, ngan répéh teu usik teu malik, tapi teu saré. Panasaran, taktak Neng Sarah diusapan, bari sasadu bisi aya omongan Kuring nu matak tugenah.
Manéhna malik lalaunan, katempo cipanon murubut, tapi biwirna nu ipis tetep imut kareueut, "teu sawios-wios Kang! Sami-sami, abdi hapunten!"
Kuring asa jongjon nempona, boro rék ngolo sangkan ulah ambek, hayang kénéh dibaturan ku manéhna nungguan pitunduheun.
"Belum tidur Mas?" Kenék nyampeurkeun, moal kitu pédah Kuring ramé waé ngawangkong jeung Neng Sarah, bisi ngaganggu ka panumpang nu séjén nu keur tibra.
"Belum Bang!" Témbal Kuring.
"Jok sebelah sana, temannya bukan?" Si Abang kenék nuduhkeun ka jok palebah nu didiukan Beni.
"Iya Bang kenapa?" Kuring curinghak, jung cengkat, nuturkeun kenék nu nyampeurkeun jokna Beni.
Lampu beus dicaangkeun deui, panumpang pating raringeuh, mimiti séah rarécok, beus ngadadak eureun.
"Maaf, ada perawat atau dokter di sini?" Supir mapay ka unggal jok.
"Saya!" Aya awéwé rada kolot nyampeurkeun ka supir beus.
"Ibu, tolong periksa orang ini, dari tadi tak gerak-gerak, macam tidur tapi tak ada ia bernapas!" Ceuk supir logat Batak katara pisan dina sorana nu jiga nyarékan.
Kuring ngagebeg reuwas, Beni jeung Kuring tadi bareng balanja. Manehna pandeuri asup kana beus, ku Kuring teu dipanggihan deui.
"Kunaon Si Beni Cep?" Wahyu hariwangeun, nu séjén nyalampeurkeun.
Perawat nyabakan beuheung Beni, curukna diantelkeun ngaraba urat beuheungna, laju niténan ambekan Beni dina palebah irungna.
"Innalilahi wainnailaihi roojiuun!" Ceuk perawat bari ngalieuk ka nu araya di dinya.
Supir kaasup Kuring jeung kabéh nu nyaksian euweuh nu teu hareneg, reuwas kacida, kunaon Beni teu puguh-puguh bisa nepi ka hanteuna, teu gering teu naon, asa diheulang.
Layon Beni dirurub ku simbut, leuleus kénéh, ceuk perawat karék les sapuluh menitan cenah. Panumpang ribut, sarieun jeung keueung, mangkaning jauh ti kota, leuweung geledegan, kenca katuhu. Supir nepakan tarangna, nelponan gé percumah euweuh sinyal.
Kuring jeung nu lian ukur bisa ngaheruk bingung, kudu kumaha méré iber ka kulawargana nu keur nganti-nganti. Ka kolotna jeung dulur-dulurna, pangpangna ka Elis adina anu jadi pipamajikaneun Kuring.
"Kumaha Mang? Sinyal euweuh, jauh ti rumah sakit, ka kota lila kénéh. Beus ngadon eureun deuih lain maju bisi kaburu bau ieu layon!" Umar bari rambisak, nempo Beni nu geus teu kikieu.
"Tanyakeun ka supir, rék kumaha ieu téh?" Nanang neuteup Beni, keur diproyek sarena sakamar duaan, asa cikénéh cenah paséa parebut pais peda, ayeuna geus euweuh dikieuna.
Keur ngaharuleng, ras inget ka Neng Sarah, kabéh panumpang narempo nyampeurkeun ka jok Beni, iwal ti manéhna nu suwung, kamana atuh Neng, piraku teu ngadéngé aya nu maot sakitu panumpang ramé galécok ngaromongkeun.
Kuring ngarérét ka jok tempat diuk Neng Sarah, ngiles teuing kamana, simbut angger ngalumbuk. Beu, boa-boa bener ceuk Beni, Neng Sarah téh dedemit, tapi piraku da leumpangna napak, jeung rupana gé geulis teu jiga jurig.
"Cep, néangan saha? Tatadi diajak ngobrol haré-haré!" Wahyu nepak taktak Kuring.
"Henteu Mang, nempo awéwé jangkung leutik ditiung beureum?" Kuring ngaharéwos.
"Henteu, saha?" Wahyu kerung.
"Baé ah henteu mah Mang!" Kuring ngabalieur, haté mimiti tugenah, salegana gé beus piraku teu sidik ka saurang-saurangna, komo deui geus rada waranoh, ampir sapuluh jam reureujeungan, lalar liwat mun ka cai.
"Ibu-ibu, bapak-bapak, maaf, kita maju lagi, cari rumah sakit atau kantor polisi yang dekat, ini jenazah harus kena proses kan?" Ceuk supir, tatadi guntreng waé jeung kenék maké basa Batak.
Saréréa nyatujuan, beus maju deui. Panumpang teu sararé, keueung aya layon di jero beus. Aya ogé nu hideng mangmacakeun Yaasiin gigireun layon, pili genti ngarah teu keueung teuing.
Kuring asa ngimpi, Beni geus taya dikieuna, rék laporan ka pulisi, ngaran dibéré surat katerangan yén Beni maot alatan gering atawa serangan jantung, bisi majarkeun aya nu ngarogahala.
Hadéna beus rada ngebut, nepi ka pasisian aya pos pulisi, supir jeung kenék tarurun laporan, teu kungsi lila pulisi naraék, ngilikan layon, perawat digeroan deui diajak turun ka pos. Kabéh panumpang ditanyaan saurang-saurang, pikeun jadi saksi. Kaasup rombongan Kuring nu deuheus ka Beni. Geus réngsé laporan, suratna dibikeun ka Kuring jeung supir, dititahna mah méh gancang kudu dipindahkeun kana pesawat, bisi layon kaburu bau mantén.
"Biayanya Pak!" Ceuk Wahyu ka pulisi.
"Bapak-bapak kerja paké asuransi kan? BPJS ketenagakerjaan, bisa diklaim tuh!" Ceuk pulisi, méré saran sabab nu disanghareupan layon jelema, kudu gancang dipulasara.
Tungtungna Wahyu nu dipikolot keur badami jeung kulawarga Beni di lembur, kumaha hadéna, sabab lalampahan lila kénéh kurang leuwih aya kana dua poéan deui ka Bakauheni. Antukna kulawarga di lembur sapuk kabéh, Beni dikurebkeun di Sumatera, kajeun kulawargana tahlil di lembur, poto Beni nu geus jadi layon dikirimkeun ka lembur.
Hadéna panumpang satujueun kabéh, sapoé éta mulasara Beni saluyu jeung saréat Islam. Ku supir dibébaskeun éta gé, bisi rék néangan beus séjén, ongkos bakal digantian, ngan panumpang arembungeun pindah beus. Dibantuan ku urang dinya jeung pulisi, kajeun rada leuir muru ka Bakauheni, nu utamana mah layon kapulasara.
Réngsé nepi ka adan Maghrib, panumpang kabéh ngariung di musola nu aya deukeut pos pulisi, bari sarolat pili genti, nu marurak bekel waé aya.
"Saya ucapkan banyak terima kasih, untuk pengertian dan bantuannya, mohon do'a untuk almarhum!" Wahyu nganuhunkeun ka kabéh panumpang.
"Sama-sama Pak, kita sudah seperti saudara, harus saling membantu!" Ceuk Pa Waluyo, nu ngaimaman solat jeung mulasara Beni.
Nu aya di dinya teu awéwé teu lalaki, teu kolot teu budak, euweuh nu te ngarasa leungiteun, sanajan wawuh kakara, jeung euweuh kakaitan baraya, aya nu urang Jawa jiga Pa Waluyo sakulawarga, Bu Dian perawat nu rék mulang ka Jakarta, jeung panumpang nu séjén, geus ngarasa teu asa jeung jiga deui. Katambah ku supir jeung kenék beus anu kacida merhatikeun kana katumaninahan panumpang. Daék nguruskeun laporan ka pulisi, nepi ka ngurebkeun jeung ngabeberah panumpang sangkan tetep ngadu'a salamet nepi ka nu di tuju.
Amitan ka urang lembur dinya, makam geus dipoto dikirimkeun ka nu di lembur, beus mimiti maju deui.
Bakating ku riweuh jeung kaweur, Kuring mopohokeun Neng Sarah, karék inget pas pisan beus maju deui sanggeus sarolat Isya. Dilieukan gé euweuh témbong, ditéang ka toilet teu kapanggih, saha atuh Neng Sarah téh? Na kamana léosna nu geulis téh?

Comments :

Post a Comment