Carnyam Sunda : Neng Sarah Bagian 3


Neng Sarah

(Cepot Astrajingga)

Keur anteng ngalamun mikiran Neng Sarah, Ucup nyampeurkeun, gék diuk gigireun, "Cep, uing mah rék eureun di Palembang, rék kana pesawat, baé ongkos sorangan!"
"Hor, pan urang indit bareng, balik gé bareng Cup!" Ceuk Kuring bari ngararasakeun sirah nu karasa rieut.
"Enya paéh gé bareng meureun, ceuk uing gé kanu pesawat Cep! Manéh hayang bati meureun nya!" Ucup rada teugeug.
"Hus soal éta mah rusiah Alloh, tong dipakuat kaitkeun jeung kandaraan, geus waktuna mah dimana waé gé jadi!" Walon Kuring daria kénéh sanajan haté mah tugenah ngadéngé omongan Ucup nu nyangka goréng ka Kuring.
"Heueuh, mun kana pesawat mah salamet Si Beni, moal maot di jero beus! Mun murag gé kabéh meureun paéh!" Ucup cengkat ngaléos rék diuk deui dina jokna.
Kuring cengkat, ngajéwang bajuna, "kéla, nu bener ngomong téh Cup!"
Ucup malik, leungeun Kuring diképéskeun, "teuing lah, pokona uing rék turun di Palembang, rék naek pesawat, sieun paéh uing mah!"
Kuring teu kuat ambek, jekuk peureup nyayang kana irungna, cer getih mancer tina irung Ucup, rikat manéhna males nonjok kana angen Kuring. Ngan dihalangan ku Tedi nu kabeneran diuk kahalangan sajok ti tempat diuk Kuring.
"Heup! Nanaonan ieu téh?" Tedi muncereng.
"Majarkeun aing ngabati ongkos! Jiga jeung saha waé, jig tanyakeun ka bos! Bisi majarkeun ku aing dihakan duitna!" Kuring ngahégak, keuheul jeung éra.
Panumpang nu séjén curinghak, Wahyu nyampeurkeun, nyérédkeun Kuring jeung Ucup ka tukang.
"Aya naon ieu téh?" Wahyu diuk di tengah. Neuteup ka Kuring jeung Ucup, irungna bareuh katoél ku peureup Kuring.
"Éta Mang, majar uing ngabatikeun ongkos pesawat, pék tanyakan ka bos!" Kuring mencét nomer Bos Jodi, nu boga sakabéh proyék.
"Bisi wéh, karunya Si Beni, can nepi ka lembur geus maot, coba mun ngapung mah, geus nepi ka lembur!" Ucup kukulutus.
Kuring molotot, ngasongkeun hapé, "tah déngékeun ku manéh!"
"Apa Cep? Udah nyampé?" Ceuk Bos Jodi na telepon.
"Ini Bos, tolong klarifikasi masalah akomodasi, ada salah faham!" Ceuk Kuring, sora hapé ditarikeun.
"Oh iya, kenapa?" Bos malik nanya.
"Kenapa kita ngga paké pesawat? Ada komplain!" Kuring ngarérét ka Ucup.
"Iya, biaya pesawat dua juta lebih, belum ongkos lainnya, naik bis cuma sejuta, anggaran kalian pas dua juta, jadi sisa satu juta, buat balik ke Pekanbaru, ada di saya, tenang!" Ceuk Bos Jodi.
"Makasih Bos!" Kuring nutup telepon, laju disakuan deui.
"Tuh kitu cenah Cup! Jéntré ayeuna mah nya!" Wahyu neuteup Ucup.
Ucup unggeuk rét ka Kuring, "hampura Cep!" Manéhna ngajak sasalaman, ku Kuring ditampanan, gabrug manéhna nangkeup bari sasadu.
Sanajan keuheul kénéh, Kuring kudu ngahampura Ucup, manéhna kagugu napsu lantaran nempo Beni nu maot di jalan kénéh, ginggiapeun majar téh. Cikénéh méré roko sabatang basa eureun méméh asup ka jalan lintas Sumatera nu ngaliwatan leuweung.
Teu karasa geus rék asup ka Jambi, ceuk supir mah rék reureuh di terminal Alam Barajo, rék mariksa beus, mesin jeung sagala rupana, sakalian méré kasempetan panumpang keur saur jeung beberesih.
Ti jalan lintas Sumatera ka terminal rada jauh ogé, aya béja arang langka beus nu nyimpang ka dinya, sok areureun heula di SPBU Simpang Rimbo rada ramé jeung peuntaseunana aya restoran. Sakapeung sok aya nu ka terminal Rawasari, kumaha PO beusna.
Nepi ka terminal Alam Barajo, kaayaan teu pati ramé, aya sababaraha beus nu reureuh, panumpangna muru ka masjid nu aya di terminal.
Kuring nu keur nyaruhnyul can waka turun tina beus, asa horéam. Rét kana balanjaan, cai nu meunang meuli di minimarket aya dua botol deui. Ras inget ka Neng Sarah, kamana léosna nya, teu katempo deui, boa geus turun?
"Kang! Badé saur? Sakedap deui imsyak!" Sora Neng Sarah ngaharéwos kana ceuli.
Kuring ngagebeg, dirérét téh keur diuk dina jok Si Tedi, manéhna gugupay bari teu weléh imut, haté ngahéab nempo Neng Sarah mamaké jékét Si Tedi, jigana matak teu katémbong téh keur jeung Si Tedi meureun.
Kuring nyampeurkeun, "Neng ti mana waé?Akang leungiteun!"
"Sareng A Tedi, da teu gaduheun kabogoh moal aya nu timburuan!" Neng Sarah jebi, jiga nu neuteuli. Pédah Kuring geus boga kabogoh meureun, manéhna ambek.
Nyel téh asa ambek ka Si Tedi, ngan anéh naha Si Tedi bisa deukeut jeung Neng Sarah. Iraha mimitina, kumaha dongéngna. Kieu carana Kuring kudu ngomongan Si Tedi. Lain timburuan, ngan bisi Neng Sarah diheureuykeun, pan Si Tedi téh boga pamajikan di lemburna.
Jrut turun, panon ngulincer néangan Si Tedi, katempo keur udud di tepas masjid, laju disampeurkeun, "Ted! Naha jékét manéh dipaké ku awéwé?" Kuring nepak taktak Si Tedi.
"Oh, Sarah! Baé atuh, tiriseun Cep! Geulis nya, naha maké dijauhan atuh. Jadi pindah diukna jeung uing!" Tedi ngocékeun kopi.
"Lain kitu, kadé euy, parawan kénéh!" Kuring rada teugeug.
"Kalem Cep! Bogoheun ka manéh, ngomongna mah hanjakal geus gaduheun calon Kang Cecepna cenah!" Tedi seuri bari ngarérét ka Kuring.
Kuring ngarasa dosa, satadina rék balaka, ngan geuning kalahkah ngaraheutkeun haté Neng Sarah. Rét kana jandéla beus, kaciri ti kajauhan, Neng Sarah noong, najan jauh, imutna kaciri jelas pisan. Imut nu maneuh pinuh ku kapeurih sanggeus nyahoeun yén Kuring geus boga kabogoh.
Réngsé saur, kalacat deui ka jero beus, panumpang sawaréh arasup, dibéré waktu rada lila nepi ka adan Subuh. Di jero beus panon ngulincer deui néangan Neng Sarah.
"Kang! Di dieu!" Cenah, jiga nu apaleun Kuring néangan manéhna. Kasampak keur diuk dina jok urut Beni.
"Naha di dieu?Réncangan Akang nya!" Kuring jadi wani, sieun Neng Sarah kapincut ku Si Tedi.
"Di dieu ah!" Cenah gumeulis.
Kuring seuri maur, gancang disampeurkeun, gék diuk gigireunana, "Badé saur moal? Aya roti!"
"Atos Kang, nuhun!" Cenah, leungeunna ngaléng kana cangkéng, karasa nyelecep tiis, rey bulu punduk asa ngajewid, panon peureum ngararasakeun leungeun Neng Sarah nu ngopépang. Kuring dumadakan jiga nu kasirep, leungeun hideng nyangkéh cangkéngna, awak paadek, ngan keukeuh karasa jiga aya angin tiis nu nyelecep kana awak. Bray panon beunta, biwirna méh adek kana beuheung Kuring. Getih asa ngagolosor tina urat, ambekan ngadadak beurat. Leungeun Neng Sarah nangkeup pageuh pisan kana beuheung.
"Kang, punten nya!" Cenah, bari ngaharéwos kana ceuli.
Tiriling, tiriling! Sora hapé disada, Kuring jeung Neng Sarah kagareuwahkeun. Manéhna ngoléséd, bari nyusutan biwirna nu beureum euceuy matak uruy.
"Halo, Lis! Tos saur?" Ceuk Kuring bari ngarérét ka Neng Sarah nu ngajauhan.
"Kang Cecep, nuju naon?" Elis dareuda, bangun nu sedih kénéh lantaran Beni maot bari jeung teu nempo layonna.
"Nuju ngopi! Sabar nya Lis! Mana teuing tunggarana Ema jeung Abah, indit séhat, ari mulang geus taya dikieuna!" Walon Kuring ngalelemu nu jadi kabogoh.
"Akang sareng saha di dinya?"
"Nyalira!"
_*Hanca_

Comments :

Post a Comment