Karya : Stya Ningsih Kuring gancang kaluar deui ti jero beus, rék nempo kaayaan Si Tedi nu keur pada ngagugulung, hadéna aya Bu Dian. Karék nepi lawang beus, kadéngé deui sora Neng Sarah ngaharéwos ngan jirimna duka dimana, "wayahna tampi!" Cenah bari jiga nu maksa. Kuring teu waka muka panto beus, ngarérét heula ka tukang, "mun henteu?" Cekéng téh rada teugeug. "Kabéh mulang tinggal ngaran!" Témbal Sarah, ngabedega hareupeun Kuring, awakna méh antel kana panto beus. Ngan nalika ku Kuring rék dicabak leungeunna, ngadon ngeplos jiga néwak haseup, abong jurig! "Hég! Ngan ayeuna cageurkeun heula Tedi!" Ceuk Kuring teu mikir heula, nu penting mah salamet keur saheulaanan. Kadituna kari mikir deui nyingkahkeun ieu sétan kajajadén. Sarah ngiles, panto beus muka ku sorangan, kuring ngajleng kaluar ti jero beus. Langsung muru Tedi nu keur dibéré oksigén ku Bu Dian. Bray panonna beunta, kerejet awakna kekerejetan, sesegor jiga sora nu keur kérék, burileng...