Karya : Stya Ningsih
Kuring gancang kaluar deui ti jero beus, rék nempo kaayaan Si Tedi nu keur pada ngagugulung, hadéna aya Bu Dian. Karék nepi lawang beus, kadéngé deui sora Neng Sarah ngaharéwos ngan jirimna duka dimana, "wayahna tampi!" Cenah bari jiga nu maksa.
Kuring teu waka muka panto beus, ngarérét heula ka tukang, "mun henteu?" Cekéng téh rada teugeug.
"Kabéh mulang tinggal ngaran!" Témbal Sarah, ngabedega hareupeun Kuring, awakna méh antel kana panto beus.
Ngan nalika ku Kuring rék dicabak leungeunna, ngadon ngeplos jiga néwak haseup, abong jurig!
"Hég! Ngan ayeuna cageurkeun heula Tedi!" Ceuk Kuring teu mikir heula, nu penting mah salamet keur saheulaanan. Kadituna kari mikir deui nyingkahkeun ieu sétan kajajadén.
Bray panonna beunta, kerejet awakna kekerejetan, sesegor jiga sora nu keur kérék, burileng panon ngaburileng pikasieuneun.
Nu nempo geus teu genah cicing, komo supir maké ceurik sagala, neleponan ambulan euweuh nu datang, mangkaning jauh ka ditu ka dieu. Kuring kekerot nahan amarah, keuheul ka iblis nu nyaru jadi Neng Sarah, deudeuh teuing nu geulis téh ngadon dipitnah sagala rupa. Dasar setan, licik, cenah rék nyageurkeun Si Tedi, buktina mana? Hanas kahayangna dicumponan.
Kadéngé Sarah nyikikik, "jalma bodo! Muntang ka bangsa kami, ongkoh nyaho kudu muntang ka saha? Hihi dasar bodo!" Cenah jiga nu mupuas.
Bu Dian geus teu genah cicing, katempo geumpeur nempo kaayaan Tedi nu euweuh parobahan. Teuing timana jolna, palebah katuhu Bu Dian Sarah keur dongko mariksaan Tedi. Gap leungeunna nyabak beuheung Tedi.
"Hey! Kéheula!" Kuring ngagorowok, nu aya di dinya ngaralieuk ka Kuring.
"Ini dokter Kang!" Ceuk supir ka Sarah.
Kuring rada kerung, "dokter setan!" Ceuk gerentes haté.
Sarah ngarérét bari imut, bari unggeuk ka supir, nyabakan beuheung Tedi, dumadakan awak Tedi leuleus deui, ambekanana normal, ngan can éling.
"Lagi tidur! Kehabisan oksigen, tapi sudah lewat masa kritis!" Ceuk Sarah bari cengkat. Ngalangéor lir macan teunangan, maké tiung pulas héjo lukut, dedegan ménak, teu jiga-jiga setan nu licik.
Kuring olohok, nempo nu leumpang nyampeurkeun bari teuteupan tegep anteb jiga nu enya, rét ka Kuring, seuri maur bari neuteup seukeut.
"Terima kasih Bu Dokter, kita tak perlu panggil ambulan kan?" Supir nyampeurkeun dokter mamalihan.
"Nanti juga sembuh!" Sarah imut.
Panumpang nu aya di dinya katempo jiga nu reugreug, regeyeng Tedi dibawa deui ka jero beus, didiukkeun dina jok deukeut Wahyu. Kabéh panumpang arasup deui, supir jeung kenék ampih.
"Kumaha Kang?" Sarah nepak taktak Kuring.
Kuring bati geremet, ayeuna kabéh jalma geus bisa nempo Sarah, kamari mah ukur Kuring sorangan, nyusul Beni nepi ka dirogahala, népa ka Si Tedi, hanjakal teu bisa kukumaha. Ayeuna nu aya di jero beus ngarasa katulungan ku Sarah nu salin rupa jadi dokter. Ceuk supir, Sarah ngahaja rék dibawa nepi ka Bakauheni, keur jaga-jaga bisi aya nu ngadadak butuh pitulung dokter. Kuring ukur jebi, ijid pisan!
Beus maju deui, Si Tedi can bisa diajak ubral obrol. Jiga nu linglung, teu daya upaya, ari éling mah éling éta gé ngan teu walakaya. Ukur bisa culak cileuk panonna hungkul. Komo nempo Sarah mah, ngadadak panon molotot jiga nu sieun.
Bisa waé panumpang séjén ngarasa reugreug, Kuring mah sabalikna. Teu bisa peureum sakerejep gé, bisi Sarah ngadodorong Si Tedi, hirup huripna Tedi gumantung ka Kuring. Sabab geus narima Sarah pikeun tandon baraya Kuring sangkan salamet nepi ka lembur. Hég nu aya di lembur geus hariwangeun, unggal usik nelepon nananyakeun iraha rék nepi cenah. Ngadéngé Beni tiwas, nu aya di lembur hariwang jeung melangeun.
"Sabar List, Akang pasti mulang, ké gé diiberan, mun geus nepi ka Lampung, sambat Akang! Sambat dina unggal pangdu'a nu dipantengkeun ka Gusti Alloh! Du'akeun Akang jeung nu araya di ieu beus, ditangtayungan ku Gusti Alloh! Akang saparakanca di dieu hayang lebaran di lembur!" Ceuk Kuring maké sms na WA, da mun nelepon mah aya nu merhatikeun, si Sarah! Abong dedemit, nyaho waé sanajan ukur nga SMS ka Elis. Manéhna ngadadak nyampeurkeun Si Tedi, ngusapan beuheungna ku curuk nu ranggoas kukuna. Timburu mun jelema mah!
"Elis deui, Elis deui! Hég Kuring bakal ngajirim jadi Elis!" Sarah ngadeukeutan, bangun nu keuheul.
"Ulah, Elis mah wanoja sajati, teu jiga anjeun, maksa nu embung, males kanyeri maké ngaran Sarah! Dasar setan!" Ceuk Kuring, paduli kadéngéeun gé.
"Hihihi, dasar manusa! Muja dunya bari teu éling yén dunya ukur ngabibita! Mun enya nyaah ka Elis, naha ditinggalkeun jauh? Lain dikawin atuh?" Sarah diuk gigireun.
"Kumaha Kuring, Kuring bangsa manusa, teu jiga anjeun, sangeunahna, aya aturan!" Kuring ngised. Geus teu hayang deudeukeutan deui.
"Hahaha! Aturan? Lain jalma nu sok ngarumpak aturan? Bangsa kami mah tumut kana aturan, nyepeng pageuh jangji, moal sulaya, jangji bangsa kami pikeun ngagoda jalma jiga anjeun!" Sarah ngajéngkat, ngaléos ka tukang, dilieuk téh geus ngiles deui, dasar jurig!
Aya rasa kaduhung geus nyumponan kahayangna, padahal nilik kana darajat mah, manusa leuwih sampurna tibatan bangsa setan. Soal pati, bagja, jeung cilaka apan aya nu Maha Kawasa, naha maké boga perjangjian jeung nu kitu? Duh Gusti pasihan abdi pituduh, sangkan salamet saréréa dugi ka lemburna sewang-sewangan.
Wanci geus ngagayuh ka janari, waktu beuki nyérélék, geus rék deukeut ka malem takbiran, ari Kuring jeung nu séjén masih dina beus kénéh, bari jeung can puguh nepi, ninggang aya urusan jeung bangsa dedemit. Jigana mah manéhna nyingkahan heula, sabab wanci saur harudang loba nu ngadaru'a, apan ngadu'a wanci saur téh mustajab cenah. Nya Kuring dumadakan asa aya tanaga, jung nangtub maju ngadeukeutan supir ménta idin rék ngajak panumpang sina ngaraji, ngadu'a saluyu jeung kapercayaan séwang-séwangan, hadéna diidinan ku supir, panumpang daraékeun deuih.
"Bismillah, mari kita berdo'a menurut agama dan kepercayaan masing-masing! Kita berdo'a semoga perjalanan kita lancar, dan selamat sampai tujuan, Aamiin!" Ceuk Kuring maké pengeras suara nu disadiakeun ku supir.
bagian ke 6 7 8mana
ReplyDeleteKa 6.7,8 dst mana
ReplyDeleteBagian 6,7,8 cerbung neng sarah mana?
ReplyDeleteMana bagian 6,7,8 Cerbung Neng Sarah.
ReplyDelete